Bobodoran Sunda : Ubar Ngahuleng

Ayo Ketawa! - Isuk isuk Aki Komar nanya ka incuna :
" Jang eta dina sirah nongnong kunaon benjol...??"
" keur wengi diteke meni tarik ku bapak ki..."
" Na kunaon bapak maneh nepi ka neke kitu...??"

~ Ku abdi dicaritakeun nya Ki... keur wengi Ujang dititah sare ku mamah... tapi teu bisa pereum wae... Meh teu dicarekan Ujang pura-pura sare...
" Teu lila, mamah nanya ka Ujang... Jang, geus sare...??"

~ Ujang teu nembalan.. meh disangka geus sare... da tos jam 11 peuting ceunah...
" Tos kitu bapak ngomong ka mamah..
" Mah... eta budak geus sare..Hayu mah.. Bapak tos kangèn...".
" Nya, tos sare...

Jamuna geura di eueut heula atuh pa ...".
" Teu lami lampu dipareuman poek pisan.... Terus mamah ngagoler na kasur
bapak...bari achhhh... ucchhh... achhhh .. uchhhh... kitu... jiga nu keur rusuh kitu aki...."

Trus kumaha 'jang..??
Trus bapak ngomong ka mamah.. Bapak rek ka luar maah... Teu kuwaaat..!! ".
"Ceuk mamah : Mun rek kaluar bareng nya pak....!!!"
"Nya kadenge ku Ujang atuh Ki... sanajan nyariosna lalaunan ge... da Ujang pan can sare.."
"Pan Ujang sieun dek ditinggalkeun kaluar sorangan... Ujang tuluy ngajorowok...
"Ujang ngiluuu maaahh..."
"Naha Ujang kalakah di teke meni tarik ku si bapak teh... Kumaha tah salah Ujang naoonn....??!!!"

Hwuahahahaha.... Si aki seuri ngakaak... nepika ngajengkang.
" Naha... naha aki nyengseurikeun....??"

Si aki ngajawab : " Uing ge pernah kitu.. bapak maneh ku uing ditekena.....!!!" (www.ayoketawa.com)


sent by : Adeng
email : smpn7_dede@yahoo.com