Balaga Lantaran Ayeuna Bogaeun HP

Ayo Ketawa! - Si Astahiam rada balaga lantaran ayeuna bogaeun HP, lain Hayam Pelung anu sok kongkorongok "putri diuk" wanci janari leutik atawa Hileud Peuteuy anu sok gegerepekan di jero pesak, tapi alat komukasi nu katelahna hand phone tea.

Saprak boga alat eta kabogoh Astahiam sok ngarasa iri, lantaran leuwih satia ka si hape tibatan kamanehna, coba we ari si hape mah sok dibawa kamana mendi, nek jalan jalan ngilu, nek apel diajak, ka toilet ngilu, ari kabogohna can pernah diajak sakali kali acan bareng ka toilet.

Kadua iri lantaran si hape mah unggal usik dirampa, saban waktu di pencet, ampir unggal jam antel kana biwir jeung kumis, ari kabogohna ngadago dago saban malem minggu hayang dicoo matak nyeuri beuheung sosonggeteun, kadang kala nyamos da bapana sok ngilu nimbrung maturan.

Sabalikna si Astahiam saprak boga sobat anyar nu ngarana si Hape leuwih loba koleksina, boh koleksi awewe atawa koleksi potona, da salian bisa SMS ( Sarana Mesen Singkat) oge bisa MMS ( Muta Moto Sasukana) teu keudeu aya nini nini keur nonggeng ge dijepret, komo ari keur naek angkot mah aya bujal ronghok dihareupeunana, pura pura we nek nga-sms padahal keur ngabidik sakadang bujal,lain agul cenah lamun manehna boga koleksi bujal aya ratusna timimiti ukuran S (Super) nepikeun ka ukuran SD ( Super Dosol)

Kamari basa kabogohna puncat pencet kana hapena rada tetelepek nanya ka si Astahiam lantaran dina phone bookna loba inisial.

"Saha ieu MJ ?" pokna teh, ku si Astahiam dijelaskeun yen eta teh baladna anu di Bandung, padahal nu saenyana MJ teh hiji ngaran wanoja anu karek tilu poe panggih tur langsung ngagentewel, wanoja blasteran sunda-india, akina asli ti India ari ninina tulen urang Gunung Syawal, jadi MJ teh tina Maylita Juhikaula.

Jumaah kamari basa keur husu sujud dina rakaat kadua, manehna reuwas lantaran hapena kadenge disada bari jeung gegerepekan, cenah poho teu di-off-keun heula, padahal samemeh der jumaahan pangurus masjid geus ngoar ngoar sing saha nu boga alat komunikasi kudu dipaehan heula. Rengse uluk salam biasana si Astahiam teh sok langsung ngadekluk wirid tapi harita mah kedewek ngodok hapena.

"Oh si yayang...ada apa say ?" ceuk si Astahiam basa ningali dina hapena tembong ngaran MJ, bari terus ngoloyor kaluar muru sapatu anyarna bisi patukeur jeung batur.

Peuting tadi basa keur jongjon ngalahun kabogohna kirining hapena disada. "Halowww !" kabogohna anu narima,teuing kunaon sajeroning narima telepon teh tarangna jadi kerung, pipina jadi euceuy, terus kuraeud baeud nepikeun ka ditutupna oge tetep masih jamedud.

"Kunaon atuh yang..saha nu telepon teh?..mun tukang kiridit bejakeun we nomer telepon yang anda tuju mailbox silahkan tinggalkan pesan atau tutup telepon anda... tah bejakeun kitu paling paling nek nagih kiriditan panci kamari !" si Astahiam reuwas da teu ti sasarina kabogohna pasemona kitu.

"Lain tukang kiridit tapi MJ, saha atuh MJ teh ? Pajar jalu, naha geuning sorana halimpu? jeung ayana ge di Bombay...mun kitu mah teu sangka akang tega menghianati cinta kita...hmmh!" (www.ayoketawa.com)